2021/01/19

Lagu Daerah Jawa Barat Manuk Dadali

  • Judul lagu : Manuk Dadali
  • Asal Daerah : Sunda - Jawa Barat
  • Pencipta : Anonim

MANUK DADALI


Mesat ngapung luhur jauh di awang awang

Meberkeun janjangna bangun taya karingrang

Kukuna ranggoas reujeung pamatukna ngeluk

Ngapak mega bari hiberna tarik nyuruwuk


Saha anu bisa nyusul kana tandangna

gadang jeung partentang taya badingan nana

Dipikagimir dipikaserab ku sasama

Taya karempan ka sieun leber wawanenna


Manuk dadali manuk panggagahna

Perlambang sakti Indonesia jaya

Manuk dadali pang kakoncarana

Resep ngahiji rukun sakabehna


Hirup sauyunan tara pahiri hiri

Silih pikanyaah teu inggis bela pati

Manuk dadali ngnadung siloka sinatria

Keur sakumna bangsa di nagara Indonesia.